Sastra & Humor
Fikmin
Enin Jeung Engki
Minggu, 26 Mei 2013
DINA pangeling-ngeling tepung taun kawinan nu ka 60, katempo ku para semah teh aki jeung nini meni geugeut pisan, padahal umurna geus nincak 90 taun. Sakur semah didinya, kataji ku silih tempasna dina obrolan anu mesra pisan.
“Geulis kadieu atuh engkang caketan, bari nyandak cai nya,“ ceuk aki bari neuteup anu geugeut pisan. ”Mangga jungjunan ieu cai leueut heula bilih hanaang," saur nini bari teu kendat ku imut. Semah nu aya didinya ting harewos muji ku sakitu geus sepuh pisan masih keneh mesra siga nu ngarora, ngan nu ting harewos kadengeeun ku si aki.
“Yeuh kieu saleresna mah,” ceuk si aki ka nu ting harewos teh. ”Aki teh geus poho ngaran masing-masing ti 20 taun ka tukang."* Iwan Hanjuang - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


