Selasa, 28 Oktober 2025
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Udud

Minggu, 26 Mei 2013

"Tong udud waé atuh"
"Naha?"
"Apan haram ceuk fatwa gé.."
"Kitu ?"
"Enya !"
"Ari nu boga hak nangteukeun halal jeung haram téh saha kitu ?"
"Nya Alloh.."
"Naha atuh bet hayang nyaruaan Alloh ?
"Ah, teuing.."
"Nu ngarana Fatwa téh pendapat manusa anu ngabogaan unsur kira-kira jeung
meureun kénéh. Pendapat éta dumasar kana sagala sudut pandang, salah saratusna
tina sudut pandang kaséhatan jeung agama. Tah, udud gé dumasar kana sudut
pandang kaséhatan mah, matak ngarugikeun. Boh nu keur nu ududna, boh keur
batur. Apan ngarusak kaséhatan téh ceuk agama gé teu meunang."
"Tah geuning apal. Ngarti atuh bahayana udud téh lin ?"
"Nya ngarti atuh da nyakola !"
"Naha atuh mun ngarti mah geuning udud kénéh ?"
"Yeuh sabenerna mah teu resep kana udud téh, da mun bisa mah
hayang diduruk tah pabrik rokona sakalian !"
"Naha atuh ?"
"Kulantaran teu bisa ngaduruk pabrik rokona, jadi dikeureuyeuh
wé ngaduruk rokona sabatang-sabatang..."* Is Tuning - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya