Selasa, 28 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Tibelat ka nu Komat

Minggu, 26 Mei 2013

MULANG ti tempat gawé, lungsé. Teu sumpang-simpang, rusuh muru imah, wanci geus reup-reupan. Anjog di gapura imah kadéngé nu pupujian di langgar, méré iber sababaraha menit deui adan magrib ngalanglaung.
Trok, trok, trok! Bray panto dibuka. Bréh Si Bungsu geus geulis seungit, mapagkeun. Teu nganti lila pamajikan ngurunyung dituturkeun Si Panengah jeung Si Cikal, pating solongkrong sasalaman.
“Mangga Ang, siram heula!” Pamajikan narima jeung nyimpen ransel laptop. Kuring gesat gesut mandi. Dianduk. Rap dikamprét bodas disamping sarung. Gep kana kopéah dipaké bari leumpang. Laju muru patengahan imah, kasampak pamajikan jeung barudak saraged. Ngadago datangna imam.
“Enéng nu komat... nya Pa?” Si Bungsu titotoroso.
“Sok mangga! Geulis.” Si Bungsu komat. Nikmat nu taya papadana, barokah berjamaah.
Kabéhdieunakeun, Si Bungsu ukur ngomatan indung jeung lanceuk-lanceukna. Kuring arang langka ngimaman. Basa dibenum naék pangkat, pagawéan ‘meeting’ jeung meuting di mana-mana. Teu kasiwer. Komo sanggeus boga anak sampeuran. Alatan kaolo narima séba nu spésial.* Ki Sunda Sawawa - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya