Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Anjeun

Minggu, 26 Mei 2013

BRAY beurang, kuniang hudang rét ka gigireun, “Wilujeng énjing, Geulis”, koloyong ka kamar cai, brus mandi. Bérés mandi, rap kaméja jeung jas. Karasa haneut kénéh meunang ngistrika, saperti haneutna tangkeupan anjeun. Belengéh seuri konéng. Anjeun mantuan ngancingkeun kaméja bari nanya, “Engkang, badé sarapan naon?” emmh…katampi Geulis. Haté ngahelas. Geus saged, kaluar ti kamar rét kana méja makan, “Tos siang Geulis, wios Engkang sarapan di kantor.” gerung ngahirupan mobil. Kaluar ti pakarangan, rét ka palebah panto, anjeun gugupay bari ngabalédog ku imut. Duh, sok murengked horéam indit. Méméh anjog ka kantor méngkol heula ka beulah kénca. Reg eureun, jrut turun. Bréh!….gelenyu imut. “Bagéa Geulis, ieu Engkang datang”.
Sataun kalarung anjeun dianteurkeun kadieu. Hampura Geulis, lain teu hayang marengan. Buah haté urang keur meujeuhna butuh kanyaah, keur lulucuna. Keun bae da unggal poe Engkang datang, cuang sosonoan. Brek deku, kembang digolérkeun. Panon neuteup, celengok biwir kana tutunggul. Aya nu ngeclak na juru panon.* Aam Amarullah - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya