Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Sajak

Na Tetelar Mangsa, Na Tetelar Rasa

Minggu, 26 Mei 2013

na tétélar mangsa aya bulan ngalanglayung handapeun kubah langit 

nyacapkeun panglamunan nu teu saat-saat ngagunasika

kumacacang dina pucuk-pucuk pineus ngarangrangan 

na tétélar rasa aya matapoé nyaring ti peuting nu angkeub

malidkeun carita lawas nu digadabah dihakan mangsa 

kumalayang nutur-nutur kalangkang kumareumbing

2007

 

Rosyid E. Abby – kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya