Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Ritual Maneuh

Senin, 27 Mei 2013

GEUS maneuh. Saban soré, ngajugjug ka kulon. Pagétona, isuk-isuk, muru ka wétan. Geus jadi ritual maneuh. Kitu jeung kitu. Mapay jalan tol. Sapaparat jalan. Mun laju ka sareupna, jukut ngagupayan. Ménta dicébor. Ari isuk-isuk nalika ka wétankeun, pineus nu sok ngahiap téh. Aya kalana pringgadani, eurih, katut sadagori, nu ogé hayang diusapan. Teu wasa nolak. Méh sakabéh paménta, kahayangna, ditedunan. Ngagolontorkeun cikahirupan.
“Segeeer…!” ceuk jukut. Pineus cahayaan. Osmolalitas pringgadani mingkin hégar. Mikroskopik eurih jeung sadagori, nya geulis nya kasép. Pigmén layung nyumirat. Kristal strip-strip reagen masieupan haneutna wirahma matapoé. Kitu jeung kitu. Unggal soré muru surya surup. Saban isuk mapag meletékna srangéngé. Maneuh ngalakonan éta ritual. Hasilna, positif.* Rameli Agam - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya