Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Beungeut

Senin, 27 Mei 2013

LEUWIH ti lima taunna teu dipaké. Eunteung nu ngagantung di juru geus kabulen ku ramat lancah jeung kekebul nu ngadagleg. Siga aya nu ngahiap, manéhna nyampeurkeun eunteung. Ramat lancah disinglarkeun, kekebul dikeprukkan. Laju dungdak-déngdék, ngeunteung. Reuwas. Naha beungeutna semu hideung? Crot…, eunteung diciduhan. Gap kana tisu. Sret…, dilapkeun. Melong deui eunteung. Beungeutna angger hideung, malah leuwih jelas hideungna batan tadi.
“Beungeut kuring gambaran haté anjeun” ceuk nu aya dina eunteung. Teu kungsi lila beungeut dina eunteung manjangan, badis cucurut. Ganti rupa deui…, jadi anjing. Babi. Monyét. Maung. Di jero eunteung siga kebon binatang. Awakna ngeleper. Késang ngagarajag.
Peleték…. Eunteung tingpeleték. Renghat. Tina renghatanna nyakclakkan getih beureum semu hideung. Beungeut dina eunteung ramijud pulas beureum.* Eboed Eman Budiman - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya