Nu Kolot Kalapa
MAYANG. Keureut beungeut, nengah bѐntang pilem India. Luhureun biwir ipis, ngelemeng bulu lemes. Bongan tѐga nurih ati. Puasa tilu poѐ , mati geni. Wanci nyorѐang bedug layung. “Sujang.., geura buka..! “ Wanikeun, geuwat tepungan.
Pokona, keureut, tah.., ceuli Nini.,” Hate jigrah. Randa kolot kalapa, meujeuhna turiheun, girinyih. Bajing, pating gurawil, bocokok nombro. Pasang aksi. Kabѐh taya nu diwaro. Kuring ngarasa kempѐs , ciut. Diuk ogѐ rada anggang . Tapi asa gedѐ harepan. Da, geuning, remen maling rѐrѐt, maledog, sѐwu mamanis. “Kang, ieu serat ti Mayang...” Bari imut. Surat disakuan.Hatѐ surak, irung ngapung. Saingan jaramedud. Laju amitan. Wanci lingsir ngulon. Ngajengjen. Hawar-hawar sora gamelan ngemprung , les-lesan kabawa angin. Si Nini ngalimba. Rѐt, kana ceulina.* Yuharno Uyuh - kisuta.com


