Selasa, 28 Oktober 2025
Sastra & Humor
Fikmin

Pamingpin

Senin, 27 Mei 2013

DI lebah Gambir, peuntaseun gedong Alia, manehna nitah supir ngeureunkeun mobil. “Silaing terus bae. Keun, dewek balik naek taksi,” ceuk manehna, bari nyelipkeun duit kana pesak baju si supir. “Keur budak,” omongna.
Mobil ngoloyong ka kidulkeun, manehna balik deui ka tebeh kaler. Di lebah halteu beus, sanggeus nyingraykeun len pulisi jeung buket kembang, suku kencana ngadon kokoreh. Nyingraykeun ruruntuk nu nambru palebah dinya. Geus rada lidig, gek sila madep kiblat. Leungeun kameja digulungkeun, peso cukur nu tadi diselapkeun dina calana dikaluarkeun. Sret, manehna ngeureut pigeulang katuhuna. Getih muncrat. Jelema nu aya di dinya pating areak.* Maman Gantra - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya