Sastra & Humor
Fikmin
Kakawasaan Huntu
Selasa, 28 Mei 2013
TALI geus pageuh dieuradkeun kana huntu. “Sok ayeuna mah geura tarik ku salarea…!!” Aya lima urang ngabaris narik eurad. “hiji..dua..tilu” nu baju beureum jeung konéng méré tanda. “Heu..!! Tanaga kabéh dikaluarkeun. Anu dieurad
euweuh uget ugetna acan. Laju nyarieun gempungan. Saminggu, sabulan, sataun. Teu rérés. Revolusi.. Huntu..!! Waktu terus nyérélék, rahayat nu nyeri huntu beuki adug lajer. Huntu ngagalaksak, sagala dihakan. Sirah jelema dikecrokan, taneuh digares, bénsin dibaheum. Taun kalima huntu ungger. Coplok sorangan...* Apoedy Sarah Ihsan - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


