Jara
JUMERIT ati. Adug-adugan jeroeun dada. Kakangen nu disidem, ngaguligah, teterejelan. Bieu kapireng asmana disebut, ku nu keur uplek di tepas. Cenah rék mulang. Ras, mangsa silih ranggeum réma, pageuh pisan. Aya geugeut
tina teuteupna. Harita, basa Anjeunna rék miang. Saba mancanagara. Lebahing liuhna walungan, nu dipapaés ku kuwung-kuwung nu melengkung. Éndah. Tan ucap nu kedal. Ukur keclakna cimata. "Moal, Aa moal jalir kana jangji, antosan," kitu mun seug kedal. Méh pirang taun teu mulang. Tanpa lebih. Asih mah salawasna nganteng. Keur kuring, asih téh igel pikir tur ragang rasa. Sangkan ulah ngoléab. Kudu nyamuni. Lantaran Kuring jeung Anjeunna kasengker ku teureuh. "Ning, isukan Juragan Anom mulang ti Ustralina," kumoléang. Ngadak-ngadak aya nu nyedek na tikoro. Peurih ati lir diturih jara. Haté ngahuru. Basa Juragan Sepuh pok deui, "Omat, bérésan kamarna, sing rapih. Cenah mah bari mawa pipamajikaneun...."* Budi Mugia Raspati - kisuta.com


