Sangkuriang Jeung Cleopatra
BOLAY ngadahup ka Dayang Sumbi, Sangkuriang ngajugjug Mesir. “Sigana, euweuh nu ngingu hayam di Mesir mah,” gerentesna.
Anjog di Mesir taun 51 SM. Talatah ka prajurit Mesir. “Baruk, Sangkuriang niat rek ngawin kuring? Na boga kasakten naon manehna teh?” ceuk Ratu Cleopatra.
Sangkuriang nampa beja ti prajurit Mesir. “Dawuh Ratu, mun niat ngawin, saratna kudu nyieun lima piramida katut tujuh patung Sphinx, jero waktu sapeuting”.
“Ah, pira nyieun piramida jeung Sphinx. Kuring boga patalukan ahli konstruksi, arsitek kahot, matematikawan, ahli seni rupa, tur desainer visioner. Heueuh, bejakeun ka Ratu maneh, kuring nyanggupan,” pok Sangkuriang.
Nyaan, dibarung etos kerja nu visioner, lima piramida jeung tujuh patung Sphinx teh rengse dina jero sapeuting. Sangkuriang ngadahup ka Cleopatra. Rayat pesta suka-suka tujuh poe tujuh peuting.
“Akang, naha geuning patung Sphinx teh bet rupa awak anjing. Sanes rupa awak singa?” ceuk Cleopatra.
“Palasapahna mah geusan mieling. Panineungan jasa karuhun di lembur,” pok Sangkuriang.* Rameli Agam - kisuta.com


