Nungguan Saratus Taun Deui
Haédar ujug-ujug ngajega tengahing jalan nu ngabulungbung. Cikénéh manéhna pada ngagugulung, gering ripuh. “Boa aing geus paéh.” Gumerendeng. Lapat-lapat katingal panto gedé tur luhur di tungtung jalan. Cahayaan, patingborélak konéng emas. Atra ti kajauhan.
Cenah, éta téh panto sawarga. Haédar kacida bungahna, sab geus ngarasa bakal asup ka sawarga. Kituna mah pantes, lantaran mangsa hirupna kakoncara handap asor. Resep méré mawéh ka jalma sangsara, tara ngarempak papagon agama tur rajin ngahadiran pangaosan. Sanajan bari tara pok-pék, teu kalis kaselang ku hayang saré heula.
Nepi ka hareupeun panto, réa jalma ngantri rék abus ka jero. Bari ngadagoan antrian, gék diuk dina batu. “Reureuh heula ah, keun wé batur tiheula.” Pokna, tuluy nyalsé. Antukna tibra awahing ku capé. Hudang sotéh pedah mireng ngagebrugna panto nutup, dibarengan ku sora handaruan: “Tungguan! Ieu panto bakal muka saratus taun deui!” Haédar cindekul nungguan panto sawarga nepika aya nu muka saratus taun deui, bari nundutan.* Rudi Alfajri - kisuta.com


