Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Cuak

Selasa, 28 Mei 2013

MARKAS siluman taun opat limaan. Stasion Rawagédé. Pangeureunan sepur Karawang-Bekasih-Cikampék. Pépé. Panyumputan negrak. Nu ngalaksruk. Nyalaru. Ngabaur jeung rahayat biasa. Kakuatan 60 bedil jeung hiji senjata mesin. Pegat kontak. Ukur nenggerkeun kawih lingkung seni. Prajurit nanayagaan. Manjak. Ngamén di stasion. Nepikeun paréntah nyamuni. Lantip dibulen seni.

Réngkénék sindén ngibing. Lincah. Sakapeung jalingkak. Dipirig ketuk tilu wanda jaipongan. Ngagalindengkeun kawih Dikantun Tugas. Méré totondén mundur tarapti. Taki-taki. Calik dina bangbarung. Nahan diri.

Cunduk waktuna. Pirigan rada motah. Panggung ngariyeg. Basa imbit Nyi Sindén ngagitek lelet. Siaga satu! Dadana dicentok-centok. Gunung kembar eundeur. Panangan nu ngadondéwa pepeta ngawurkeun sampur. Gugupay. Siap tempur. Kawih Goyang Karawang! Dititirkeun. Sababaraha kali. Paréntah bajuang. Letter O. Cuak musuh kadéoh! Bongoh. Kabobodo ténjo. Manco lalajo.

Isukna tangsi di Rengasdéngklok. Gempar! Karawang geunjleung. Wawangunan geseng. Walanda teu manggapulia. Taya nu nyésa. Stasion simpé. Nu nyalaru miyuni oray koros. Ninggalkeun tatar pangkal perjuangan. Nyilib.* Mulyana SA - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya