Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Bagéa

Rabu, 29 Mei 2013

LUDIRA. Diréktur hiji bank nu kakoncara. Ngaragameneng di basemént gedong kantorna. Mobil nu diparkir, nyésa kari hiji nu inyana. Rét deui Ludira. Melong surat ondangan dina leungeunna. Dibulak-balik. Lebeng. Euweuh ngaran nu boga hadasna. Ngan kagurat alamatna. Ayeuna wancina. Di basemént éta. Nu sepi taya sora.
Antara témbok jeung tihang beton nu méh adek, hareupeun lawang panto nu depek, teuteup Ludira kandeg. Panto nu molongo, lir metot Ludira sangkan asup bari dongko. Bray, di jero caang. Lega patempatan. Bari gandéng ku sora nu ceuceuleukeuteukan. Ludira ngawurkeun panénjona. Noyék pisan jalma. Nu dedeganana ampir sararua. Darété. Saroméah tur raréhé. Sungsong. Taranggah ngabagéakeun. Paroman Ludira bangun nu nguyung, basa inyana dijujurung naék ka panggung. Jalma katé nu pangbucitreukna laju hanjat nuturkeun. Dina méja luhureun panggung, nyampak gelas nu eusina ngabulaéh beureum. Lalawuhna kuéh geuneuk semu tutung kabeuleum. Keukeuh Si Bucitreuk tutunjuk nitah nginum, bari mencrong beungeut Ludira nu katara beuki alum.* Asep Komara - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya