Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Nu Néangan

Rabu, 29 Mei 2013

Manéhna. Ngagantung manéh dina tihang bandéra ieu. Harita. Basa bulan mabra. Arwahna hiber. Ngalayang ti béntang ka béntang. Tuluy euntreup dina tetelar purnama. Awakna nu begung, ngagantung tengahing tihang. Létahna ngelél. Tina panonna bijil haseup hideung. Kandel. Gumulung. Tuluy ngapung ka langit peuting. Ngalalangséan purnama. Cahaya bulan dumadak surem. Mingkin surem. Laju girimis. Ngepris. Maseuhan awakna. Mingkin lila mingkin kerep. Tatit pating jorélat. Paselang jeung sora gelap. Peuting beuki mongkléng. Kari hiji dua béntang nu kumelip di tungtung langit. Manéhna. Maéhan manéh. Lain lantaran prustasi atawa protés ka Gustina pédah teu kawawa nahan katunggara. Lain. Manéhna. Teu kawawa hayang geura-geura tepung jeung Gustina. Manéhna. Geus mopo. Nyungsi ka ditu ka dieu. Gustina teu kungsi nepungan. Manéhna. Maténi diri. Pikeun nepungan Gustina. Sab cenah, Gustina nu nyababkeun manéhna aya tur nandangan tunggara. Nya di dieu. Dina tihang bandéra ieu. Manéhna miharep bisa manggihan Gustina.* Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya