Nu Ngancik Dina Puncak Katineung
LANGIT Madinah katingal cangra. Sanaos srangenge nembe nguniang tina istirahna. Kateuteup mangpirang murangkalih nuju silh udag sareng rerencangannana. Raray-rarayna cararaang. Salirana dibulen ku gindingna raksukan. Dintenan lebaran, ayeuna nuju dibagea ku sadayana.
Di palih sisi. Dina sela-sela kabingah nu nembrak payuneun Masjid Nabawi. Aya hiji murangkalih nu reueuk rarayna. Aya cisoca nu ngeclak kana sampean nu teu disendalan. "Naha teu ngiring bingah, anaking?" Aya soanten nu halon, tapi karaos geter deudeuhna. "Abdi mah yatim. Abdi mah teu gaduh bapa..." Bari nginghak, bari ngarakacak. "Upami kuring Muhammad bin Abdullah janten rama hidep, kersa teu anaking?" Ku jungjunan eta murangkalih dirangkul. Dieunteupan imut kaasih. Nu tos lami teu karaos ku eta murangkalih.* Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


