Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Lampar

Kamis, 30 Mei 2013

ISUK-isuk wanci mumuluk, kuring jeung babaturan nu keur tugas ka Jambi sasarap empé-empé. Teu ngarumas ieuh da geus dilatih sangkan teu gumantung kana sangu. Jam sapuluh take off mulang ka Jakarta. Ngan sajam dina pesawat, kadua jamna nepi ka kantor pusat. Datang-datang téh langsung Jumaahan. Sanggeus nyérénkeun laporan hasil kunjungan kerja jeung dahar di kantin, kuring amitan rék meakkeun ahir pekan di Tasik. Hayang geura nepikeun oleh-oleh keur adi-adi. Sok bagja nyaksian nu moro-moro, resep eutrakna. Kasampak Amih sareng Apih nuju ngariung jeung adi-adi, maranco kana liwet nu kakara asak. Ngahaja, surna teh, nyadiaan kuring. Atuh brak wé mayor. Tétéla sapoé ieu mah beuteung teh lampar kacida, sasarapna di Jambi, dahar beurang di Jakarta, dahar peuting di Tasik.* Teti Taryani - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya