Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Jodo Kuring

Kamis, 30 Mei 2013

BEURANG-peuting nu kapidangdung iwal ti Neng Endah. Unggal beres sholat nu lima waktu, sok terus ngawirid pelet keur Neng Endah. Estu peureum kadeuleu beunta karasa teh lain bohong. Enya pisan. Gusti Allah mah Maha Welas Maha Asih, kuring jeung Neng Endah ngajadi pasini jangji rek hirup babarengan di alam dunya. Rarasaan dunya teh ngan keur kuring duaan. Nu sejen mah ngalontrak. Tilu bulan bobogohan bari jeung susulumputan. Maklum kolot Neng Endah mah jalma jegud, sedengkeun kuring anak patani, nu boro bisa hirup mewah. Bisa kuliah ge geus untung.
Nincak bulan kaopat, Neng Endah balaka yen manehna geus dijodokeun ka hiji pamuda anak sodagar beunghar ti tatangga desa. Manehna teu walakaya. Teu bisa mungpang kahayang kolotna. Komo kuring teu bisa nanaon. Dunya asa muter. Kuring jeung Neng Endah ceurik paungku-ungku nyacapkeun kasono panungtungan. Neng, titip cinta akang ceuk kuring harita bari nyium ramona. Kuring indit ka kota rek nuluykeun sakola.......
Dua puluh tilu taun ti harita kuring balik deui ka lembur. Lembur nu pernah nurihkeun hinis kanyeri kana ati. Sugan ayeuna mah kaubaran. Kuring balik babarengan jeung hiji wanoja geulis, sekertaris kuring, sakaligus nu rek dijadikeun pamajikan. Ngaranna Neng Indri. Cenah mah kolotna urang dieu. Urang lembur kuring. Ngan kuring teu apal anak saha-sahana. Angkanan teh, sakalian neang kolot, teu jadi masalah mun sakalian datang ka kolotna beubeureuh kuring tea.
Kacaritakeun, kuring jeung Neng Indri anjog ka hiji imah agreng. Neng Indri uluk salam bari ngetrokan panto. Pas panto muka, Neng Indri digabrug ku hiji istri geulis. Diciuman bari ditanya hariweusweus. "Sareng saha Neng kadieuna?" ceuk eta istri. "Sareng Pak Direktur.....", jawab Neng Indri bari ngarawel leungeun kuring sina sasalaman jeung mamahna.
Barang kuring paamprok panon jeung eta istri... Kuring jeung eta istri sarua kagetna. "Kang Irman..........", ceuk eta istri meni haroshos. Cipanonna merebey mapay pipina nu angger limit.* Irman Dimyatie - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya