Sastra & Humor
Fikmin
Rendevouz
Kamis, 30 Mei 2013
DINA méja deukeut jandéla, lilin kakalicesan katoél angin. Haté nu sarua keur marotah, sili anjangan, sili keukeupan. Tapi raga pajauh, kahalangan méja nu dipapaés anyelir kasumba. Kemba, ngan teuteup nu pataréma. Hanjakal geus
kagok ancrub kana bangbaluh nu ngaranna Cinta.
“ Badé kieu waé?” Geter sorana dumareuda.
“ Muhun , Keun wéh ngawayahnakeun. Kantun sabarna, muga waé moal lami deui dugi kana muara bagja.” Manehna teu ngawalon, ngan tina panon cureuleukna ibun katara ngagaréndang.
Basa paturay di palataran Café, langit ngadadak angkeub sakedapan. Nganteurkeun girimisna nu ipis.* Tiktik Rusyani - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


