Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Odong-odong

Jumat, 31 Mei 2013

NYANGKING sarjana pertanian, Dayat ngaligeuh. Seuseut seuat néangan nu haat. Méré gawé. Mangkaning parabaneun reuay. Geus lain jamanna ménta ka kolot. Matak teu gableg beungeut. Béak déngkak ngotéktak otak. Ngoréhan cara néangan piduiteun. Dagang rugi baé. Jual jasa langka nu maké. Jadi karyawan taya lowongan. Kieu salah kitu lain. Bakat ku puyeng nyuuh. Samarpolah. Nonggéngan langit. Bréh pijalaneun usaha némbongan teu kahaja. Géngsi disieuhkeun. Sujud syukur.
Kiwari Dayat, kaceluk ka awun-awun kakoncara ka janapria. Idola para manula. Kebuh bisnis. Kalandep, “RCTI Founder.” Ngaluluguan rombongan cabut tandur inin-inin. Odong-odong. Ngamumulé gotong-royong. Ngahirupkeun sawah garung. ‘Lahan tidur’ para diréktur. Ngilu ngipuk harepan. Sugan jeung sugan. Ngagedurkeun sumanget nu kasilih ku junti. Kotakan ngaheureutan. Tumpur digempur duit pangawur. Ditanduran tihang-tihang pancang. Leuit paré ukur nyésa sabaraha ésé. Sésa beurit nu kamerekaan. Dayat saparakanca pindah tandur di luhur méga. Nyebarkeun binih kapeurih. Satungtung deuleu. Harepanana maluguran bareng jeung girimis. Pras-pris .* Mulyana SA - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya