Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Nèangan Salira

Jumat, 31 Mei 2013

MANÉHNA anteng neuteup langit pasosorè. Ti kajauhan. Girimis ngepris. Laun-laun ngerepan. Manèhna angger di dinya, basa hujan mimiti ngagebrét. Teu hayang néangan pangiuhan. Buukna rancucut. Awakna jibreg. Cimatana nyakclakan marengan cihujan. "Jungjunan, kudu ka mana néangan salira?" gerentesna. Angin nyéor siga nu surti. Ngendagkeun tatangkalan ngalér-ngidul. Kilat tingbaranyay. Guludug tingjeleger. Manéhna ngoréjat, tuluy leumpang sakaparan-paran. Meulah hujan nu diburakeun ti langit. Cai léb-léban ngalémbak sukuna. Ngeueum tuurna. Teu bisa balik deui. Teu hayang balik deui. Cai ngaguruh umpalan. Ngeueum dadana. “Sugan tepang jeung salira, Jungjunan!” pokna bari ngambangkeun awak. Nangkarak ampul-ampulan. Nyekelan beuteung nu bureuyeung...* Dewi Ratna Damayanti - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya