Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Sajak

Galunggung

Jumat, 31 Mei 2013

di lamping galunggung
aya pepedut ngalintar cahaya bulan
dibarung sèak angin
metik rupaning dangdaunan

karungu sora anjing babaung
mapakan simpè jero hatè. "Ajal,
ajal. Kurungan saha nu dianjangan
ku anjeun peuting ieu. Peuting ieu?"

1992

Soni Farid Maulana - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya