Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Anu Datang Mangsa Tibra

Jumat, 31 Mei 2013

“TONG tibra teuing Ki Silah!” Koréjat. Bray beunta. Alah, naha ieu panon bet kieu? Gigisik sababaraha kali. Angger. Poék. Piraku ngadadak lolong mah? Duh, boa-boa, nya? Na di mana atuh ieu téh? Apan sidik tadi mah ngagolér na pangsaréan. Ké, ké.... Aéh, enya. Angger kénéh dina pangsaréan geuning. “Nu matak tong tibra teuing!” Geus pok deui. Kuring curinghak dina peteng. Selengseng seungit kembang. Lain, lain samoja, lain sedep malem, lain kananga. Ieu mah asa-asa hajar aswad atawa kasturi. Énya kasturi. Da seungitna sarua pisan jeung nu ti Pa Haji. “Hayu. Tuturkeun kuring!” Nampeu pisan. Ragamang, dua leungeun ngaragamang. Teu karampa. Na saha atuh anjeun téh? Jeduk, tuur tijeduk. Deuh, aingah. Jedak, tarang tidagor. Gap, dirampa. Alah, getihan geuning. “Rarasakeun atuh! Matakna tong tibra teuing!” Leungeun terus uyup-ayap. Suku ngaléngkah susur-sasar. Lebah lawang aya cahaya ngingkilaban. Imut manis sajorélat. Basa haté hayang sidik, nu seungit anggur ngahiur. Mumbul kabawa angin. Jep.* Nana Sukmana - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya