Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Sweet Seven Days

Minggu, 2 Juni 2013

DUG-deg nu keur marasak, ti mimiti raracik, saksak-siksik, ngaréndos, numis, jeung sajabana. Seuneu dina hawu ngaléntaban ngabebela. Seungitna rupa-rupa pasakan kaangseu angin-anginan kawas nu hayang ngabibita.
Réa jalma pating kecewis, teu saeutik anu malibir sindir sampir, tapi teu wasa bruk-brak pikeun nyarita nu saujratna. Kabéh ngan bisa atra cumarita dina rindat panon jeung riuk beungeutna.
“Ieu mah tujuhna téh alahbatan ti pésta baé rongkahna, nya? Meuncit sapi gé sadua-dua, acan domba anu cenah aya kana limana.” Ceu Iyam satengah haharéwosan.
“Enya, tujuhna caritana mah, tapi jadi pesta sukan-sukan.” Ceu Pipih némpas.
“Deudeuh teuing ku Si Jenat, can cacap tujuh poéna geus nyampak pikeun gantina! Embi mah baheula bororaah hayang hajat rongkah, sataun waé mah can bisa palér teu eureun midangdam bari ceurik balilihan...!” Bi Élah milu mairan bari anteng marud kalapa.
Nu diupatna mah, Jajang, anteng lalangharakan. Ngahérang neuteup lalangit kamar dipirig dokdakna nu nyieun balandongan, nyawang éndahna peuting panganténan.* Zulaikha Sobana - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya