Nu Datang Tengah Poé
“TROK…trok!” Sora panto diketrok. Teu gancang-gancang dibuka. Kagok keur ngagoréng. “Mah…aya tamu,” Si bungsu norojol ka dapur. “Antos sakedap kituh, mamahna nuju pameng.” Deregdeg Si bungsu lumpat deui ka tengah imah. Bari mulak-malik gogoréngan, uleng mikir.
Saha éta sémah nu datang wayah kieu. Ras inget kana impianna nu remen datang unggal peuting. Nyat, goréngan dijait. Kompor dipareuman. Muru tengah imah. Teu laju. Ngarandeg heula tukangeun hordéng. Neges-neges sora nu keur ngajak ngobrol Si bungsu. Panasaran diintip. Gebeg. Ngagisik mata ngarah tambah écés. Késang renung maseuhan tarang. Jajantung ratug. Ngadégdég. Teu wasa nangtung. Ngarumpuyuk. Bruh-bréh deui lalakon nu geus lila dipendem. Boa ayeuna geus cunduk waktuna. Jung, nangtung. Sup, ka kamar. Ngaluarkeun peti leutik tina kolong ranjang. Eusi rusiah saha diri nu sabenerna.* Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu - kisuta.com


