Nanggoan Tihang Gantungan
LANGIT ngageber. Awan nguntuy ka Batawikeun. Karasa ka Banten reup brayna.
Demi di Batawi, reueuk ngagunduk di ruhul Monas. Teuing ngiuhan héman, atawa ceuceub, ja teu pati jauh bédana.
Héndépeun Monas, réwuan jalma, doang tas mareunang perang. Pageuh negeran map, léptop, tumbak, limpung, gada, gobang, trisula,
pedang jeung sajabana. Sing jorowok, “gantung... gantung...!” sawara nu tohaga, mupuas, kakeuheul mudal. Sanggeus kebel kapegung.
Tali gantungan geus ngagayot, ti pucuk emas ngagapuy ka héndépkeun. Tali sabeulah deuina, kari narik ku saréréa. Tihangna tunggal. Geus pasti kuatna, nyéta tugu Monas pisan.
Geus tangangé, nu ditanggoan ngagurawil na gantungan, can kénéh kadeuleu ngelél. Beuki soré, surup mata poé, laju peuting. Peteng. Nu digantung can kénéh ngagulayun.
Demi nu sing jorowok, nungtut lus les laleungit. Dibawa pangabutuh. Dirayu murukbuk beuteung, hayang papajuh. Dihiap sembako. Dihibur pulitik licik. “Goblog... Polongo. Boro ditangggoan” ceuk Ka Anas, tukang sasapu di Monas, urang Banten.* Rohendi Pandeglang - kisuta.com
Kamusmini :
ruhul = luhur
héman = nyaah
Héndépeun = handapeun
doang = siga
negeran = nyekelan
kebel = lila
ditanggoan = ditungguan
Papajuh = barang dahar
Polongo = ongoh


