Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Teu Nyangka Sacongo Buuk

Minggu, 2 Juni 2013

KLIK! Panto kamar lantéy 24 Hotel ANA di Akasaka , Tokyo dibuka. Pikiran kumalayang nyipta-nyipta saha nu nelepon.
“A lady you who just wants to say hello to my Indonesian best friend,” cenah.
“Saha téa atuh?”
”Sobat jaman baheula keur leutik,” Manéhna ngajawab bari ditungtungan ku seuri nyeuleukeuteuk.
Srog! Paamprok. “My goodness, Susan!” cék kuring. Celengok cipika cipiki.
“Meni kedah ngantosan duapuluh taun hoyong disun ku wartawan téh. Payuneun kamar hotel deuih.”
Pung! Pikiran ka mangsa duapuluh taun kalarung. Mangsa sakola di SMP 2 Tasik. Dicalana pondok biru. Babarengan baskét, ngabaso, lalajo jeung manéhna. “Time flies, my dear.”
“Muhun. Jangjang Susan parotong, my dear Deni. Jangjang nu kénca ku urang Amrik. Nu katuhu ku urang Prancis. Kiwari netep di Tokyo.”
“Milari naon atuh meni lampar kitu lalakon teh?”
“Milari jatidiri, namung teu kapendak…”
“Mending urang mulang ka lembur. Dagang cilok geura yu sareng akang!”
“Realy? Sareng Akang nya!”
Kuring unggeuk!* Deni Riaddy - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya