Tunggul Dirarud, Catang Dirumpak
CULANG-CILEUNG. Aman. Gajleng! Témbok pager diluncatan. Tingketeyep, dodongkoan. Sanggeus ngaliwatan tungtung jandéla kelas, beretek lalumpat. Sup ka warnét.
“Aya nu kosong, Kang?”
“Sori dak! jam sakola teu meunang ngaréntal,” penjaga warnét ngahulag.
“Duh, kuma atuh? Aya tugas, dipiwarang milarian bahan fikmin di internét, Kang.” Helmi sasadu bari ngarérét ka Nasrul jeung Agam, baturna. Nu dirérét surti, arunggeuk ngahaminan. Penjaga warnét ngilo bari neuteup anteb. Nempo paroman barudak lumengis, teu burung léah haténa.
“Nya heug! Ari tugas ti sakola mah. Rohang 13-14-15, password 123.”
Trio Mabal kacida bungahna. Giak muru rohangan. Teu talangké, klik mozilla. Muka protokol. Tiriktik nulis about:config. Network pipelining, perserver, maxrequest disetting maksimum, tapi initialpaintdelay didefinisikeun integer 0. Netcut. Tuing! Tuing! Client jaringan diréngkasan hiji-hiji. Tingjarungkel. Bérés. Bandwidth lega laluasa. Waktuna pintonan. Bray! game online. Ngabarasat zonder buffering. Tiluan tingcikikik, sugema. Sawatara, nu ngaréntal di rohang 1 keunka 12, gagaro teu ateul. Konéksi dumadak lola teu pupuguh.* Helmi Pakudjati - kisuta.com


