Re-start
WANCI piligenti ngélingan diri. Mayeng.
Alatan muka album poto. Seuseuitan. Bruh-bréh lalakon lawas. Kagagas. Haténa dumadakan ngararas. Baluas. Gegebegan katutuluyan. Album ditutupkeun. Neuteup kosong ka jauhna. Mapalérkeun rasa. Kolényay! Poto nu tadi narembongan deui. Nyocok na kongkolak pisan.
Reup panonna dipeureumkeun. Kalah bray! Proyektor implengannana mintonkeun gambar nu sarupa. Teu bisa dikadalikeun. Mingkin marudah. Sasah. Gulinggasahan. Jung nangtung. Ngejat. Rék titirah. Ngabrangbrangkeun katugenah.
Tatan-tatan sahinasna. Bebekelan saperluna. Amitan maké surat sacewir. Singget. Tinulis, “Ulah deudeupeun!” Sagalana tarapti, lumampah. Cetrék panto rohangan perawatan dibuka. Di luar taya sasaha. Simpé. Leumpang muru jalan aspal. Angin peuting nyelecep. Anjog di hiji wangunan. Gék diuk. Sila mendekoh. Tamada, sasadu. Mulangkeun bangbaluh.
Isukna disaur, “Bapa tos tiasa mulih, ieu serat kontrolna,” ceuk dr. Rudi, Sp.KJ. Sasalaman. Di luar kulawarga mapagkeun. Samobil. Manéhna ukur wawuh ka emana. Kolotna nu tinggal sabeulah. Nu séjén teuing saha.* Mulyana SA - kisuta.com


