Tukeur Elmu
GIDIG Wong Fei Hung indit ka Wanaraja. Maksudna hayang silaturrahim ka salah sahiji Jawara Kahot urang Garut. Dina hatena panasaran naha enya para jawara urang Indonesia leuwih hebat batan pendekar China. Sadatangna ka imah Gumilar, langsung dibageakeun kalawan dihormat nu samistina. Der ngadongeng kaditu-kadieu. Pastina soal elmu silat.
Teu lila, torojol anak Gumilar, Wijana (Si Ruyung Kawung) dibarengan ku Andi (Si Buntung Jago Tutugan), jeung Karna (Jago Ujungan). Si Ruyuk, heulang kameumeut Andi, nyengcle dina jandela. Panonna neuteup seukeut kana beungeut Wong Fei Hung. Meureun ceuk hate heulang teh, naha panon eta jelema meni petet-petet teuing.
Caritana, eta lima jawara teh kalaluar ti imah, laju ka pakarangan imah Gumilar nu cukup lega. Memang eta pakarangan biasa dipake ngalatih anak murid Gumilar. Tuluy Wong Fei Hung ngademontrasikeun jurus-jurusna, saperti; Tendangan Tanpa Bayangan, Ilmu Thi Khi I Beng, Ang Coa sinkun, Pek Cia Sin Hoat, jeung sajabana. Katingali Wijana, Andi, jeung Karna mah hookeun. Ngan Gumilar mah nyerengeh we nu aya, da sabenerna mah sakabeh jurus jeung ajian nu diperagakeun ku Wong Fei Hung teh...... ciptaan manehna jeung Bu Kek Siansu di Kuil Shaolin. Beres demontrasi, Wong Fei Hung nyampeurkeun Gumilar tuluy ngahormat bari pok nanya, "Kumaha nu eta Pangersa?"
Bari ngusapan janggotna nu geus huisan, pok Gumilar nyarita, "Bejakeun ka Bu Kek Siansu, aya sababaraha jurus nu can sampurna. Jurus-jurus nu tadi karek 60% dikawasa ku anjeun, Kasep!"
Wong Fei Hung bengong......., "Kutan kitu, Pangersa????"* Irman Dimyatie - kisuta.com


