Nu Sono
GEUS aya kana satauna. Burhan tara mulang ka lembur. Paribasa sibuk ku pagawéan kantor. Hawa Jakarta ngaléntab awak nu regung. Leumpangna ngésod, késangna ngagarajag tina tarangna maseuhan kaméja batik boléas. Apay-apayan nengah jalan.
Lieureun ku balawirina mobil. Rarat-rérét bangun aya nu ditéangan. Barang keur kitu. Cekit..! Beledag. Kudupruk nangkuban. Supir turun muru nu katabrak. Teu kebat. Balik deui. Jalan macét. Sora klason tut-tét. “Aduh, gimana ya pak..?” Supir bingung. “Ya udah, kamu yang ngurusin,” pokna. Nyentak. Bari turun gagancangan. Laju naék taksi. “Pah, kunaon kana taksi?” Ceuk pamajikanana. “Goblog, dasar urang kampung , jalan seenaknya.” Burhan kukulutus. Kring. Sora hapé disada. Gancang diangkat. “Ya, betul saya sendiri,” Leketey. Beungeutna dumadakan sepa. Sungutna calangap.* Yuharno Uyuh - kisuta.com


