Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Nu Lalulus

Senin, 3 Juni 2013

"BENER ceuk manéh, Bén! Urang lulus!" Pokna. Bari mukaan surat kelulusan. Aya gurat-gurat bagja. Ngalangkang dina teuteupna nu beueus ku kareueus. Ngangkleung. Sakamalir jeung séahna jaladri. "Berkat manéh, Bén, Si Wiwin, si Héra, jeung si Toni, oge lalulus." Lima surat kelulusan dijajarkeun dina kikisik. Jeung amplopna. "Hanjakal, Bén, si Wiwin mah moal nuluykeun kuliah. Rék dikawinkeun ku kolotna. Tapi embungan. Kalah lunta." Ngaluarkeun diari. Jilidna gambar bérbi. Sok. Luhureun surat kelulusan. "Bogoheun siah ka manéh. Tah, baca geura!" Manéhna nangtung. Saléngkah. Saléngkah. Ngadeukeutan beungeut cai. "Boa manéh gé bogoh ka manéhna?" Clak. "Geuning, manéh leuwih milih ngudag manéhna, tibatan jadi bapa si utun dina beuteung urang." Lung. Ngalungkeun teuteup kana umpalan jaladri. Ngulangkeun léngkah kana jegur ombak. Lambak sagara nu mangkukna geus nganteur opat sobatna. Balayar. Ka nagri nu hara-haraeun.* Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya