Turunan Panjalu
"TONG sieun jalu, mun engké panggih jeung sakadang maung di leuweung. Urang téh turunan ménak Panjalu!" saur Aki Jarkasih ka incuna, Odang. Reuwas ogé barang dibéjaan yén manéhna téh turunan ménak. "Uing téh meureun radén, Ki?" tanya Odang.
"Nya, pan ngaran lengkep manéh téh Radén Odang Kasurapaku", ceuk akina bari mémérés pakakas moro. "Anjiiiirrrr... geuning uing téh radén, balad maung!" ceuk Odang, ajrag-ajragan. Ningali polah incuna kitu, aki Jarkasih ngan imut bari nyusutan cimata.
Pamoroan geus diaprak, tapi euweuh sato leuweung hiji-hiji acan. Anjing nu dibawa moro harita, ngan pupurungkutan jiga aya kasieun. "Naha sia téh kunaon, Tumang?" ceuk Odang ka anjingna nu mépéd waé kana sukuna. Jleng, aya nu luncat bari ngagaur. "Akiiiiiiii.....a..aa....aaaya mauuuuung...!!!" ceuk Odang gugup jeung reuwas, cer manéhna kiih dina calana. Lalaunan maung nyampeurkeun, Odang ngayekyek ampir kapiuhan. "Ulah sieun ku aing ceuk aki manéh gé, koplok!" ceuk maung bari néké tarang Odang.* Irman Dimyatie - kisuta.com


