Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Hileud Kasur

Selasa, 4 Juni 2013

IEU mah dongeng kuring baheula keur anyar kawin ka pamajikan anu kadua. Apan nyaho sorangan, pamajikan anu kadua mah sakitu solehna keur geulis teh, ngan hanjakal kurang gaul da eta we dina malem pertama, meni hese pisan dideukeutan ku kuring teh..!
Ah... kuring teh sabar we, keun da egke oge bakal biasa. Malem ka dua, ka tilu nepi ka saminggu masih kitu wae. Jadi panasaran kuring teh, aya naon nya pamajikan teh siga nu sieun mun rek sare bareng teh.
"Naha geulis mani siga nu sieun di caketan ku Aa teh?" Ceuk kuring.
"Sieun Abdi mah A...!" Pamajikan ngajawab.
"Sieun ku naon atuh Neng?"
"Saur nu nyarios, cenah upami nu nembe nikah mun bobo ngarendeng sareng caroge sok aya hileud kasur gagarayaman, mangkaning abdi mah sieun ku hileud."
"Oooohh..... kitu neng, enya atuh tong waka caket atuh nya," ceuk kuring bari teu kuat nahan seuri.
"Naha Aa make gumujeng sagala?" cenah.
"Ah, henteu." Padahal hate mah rada dongkol jeung mikir kumaha carana supaya pamajikan teu ngajauhan wae.
Hiji waktu kuring jeung pamajikan geus aya di kamar rek sare malah panto kamar teh geus dikonci, kelesed pamajikan teh turun ti na ranjang.
"Bade kamana deui Neng?"
"Bade ka jaman heula asa hoyong papang ieu teh."
"Duh...kaleresan Aa oge hoyong papang, tapi hoream ka cai. Upami nitip tiasa?"
"Mangga," cenah.
Ti saprak harita, unggal peuting pamajikan teh sok nanyakeun. "Aa bilih bade nitip deui?"* Ipan Ridwan - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya