Nu Mulang Deui
SAPULUH taun diléob dina seuneu naraka. Alatan di dunya lamokot dosa. Berkah sabada meunang grasi. Hukuman saumur paéh, disingget. Nyeuseup deui dunya. Bray caang mangka caang. Marcapada narawangan. Leumpang satapak-satapak
dina lolongkrang ruhak, nuju ka luar gapura naraka. Panasna seuneu teu karasa ngahéab, basa ngaliwat tihang gapura. Gapura nu ti jero katempo ngabebela, janggélék jadi tangkal nu liuh. Linduh. Luareun gapura salin jinis. Jadi tuturus. Tangkal-tangkal kasarumahan dangdaunan. Leubeut. Ngarandakah. Hiliwirna angin nyecep satulang sandi. Nembus kana lelembutan. “Teu pira euy, geuning ngan sakieu panasna. Ceuk saha naraka bakal nyiksa manusa nu loba dosa? Ieu aing teu sakara-kara geuning bisa ka luar ti dieu. Bébas! Aing bébas tina naraka!” Ceuceuleuweungan. Ngalieuk ka tukang. Seuneu ngabebela. Kancah naraka ditalapung. Nangkub. Silalatu haliber, siga rébuan cika-cika digebahkeun. Ranté nu ngarangkét sapangeusi naraka diudaran. Naraka tinggal ruhayna. Pada naringgalkeun. “Bébas! Kabéh bébas!” Séah. Kabéh tingberetek. Nuju ka dieu.* Deni Riaddy - kisuta.com


