Parangsana
MANGSA liburan cunduk. Ngahaja balik moro peuting. Méh tiis, jeung teu macét deuih. Wanci sareureuh kolot anjog ka gapura indung wewengkon lembur kuring. Geus taya ojég sumawona kandaraan umum. Kapaksa nikreuh ngeureuyeuh bari nadhoman.
Hawar-hawar kapireng sora sindén gumalindeng dipirig tepak jaipong. Resep. Kairut. Méngkol. Mangpang meupeung. Nyempetkeun lalajo. Teu poho disalin heula. Ganti kulit. Robah gaya. Kasampak sindén keur ngibing. Imbitna éplok céndol. Liket ngagéol. Rék milu ngéngklak, éra parada. Rerencepan ménta lagu. Tuluy ditulis dina cangkang roko dipihapékeun ka pangéjég. Teu burung lagu kameumeut, Éntog Mulang gumalindeng. Najan dipidangkeun pamungkas. Kahibur.
Janari gedé acara wekasan. Nyaneut heula di warung kopi saméméh lalangkarakan di langgar tonggoheun imah nu boga hajat. Rék maturan nu tahriman. Barang sup ka langgar, sindén jeung nayaga nu tadi manggung. Geus hémpak keur harusu sujud tahajud. Nga-make up raga jeung jiwana. Diimaman tukang kendang.* Mulyana SA - kisuta.com


