Sasakala Beurit Badag
UCING Garong bangun nu ponyo ngagaléntoran hulu beurit. Getih hideung ngeclak kana jukut hangru. Nyakrek sora sihung paadu ngawirahma. “Bongan siah ngagalaksak.” Ceuk ucing Garong. Hulu beurit téh masih bisa nyoara. “Pék wé,
ku sia aing mah lediskeun, da, teu keueung, balad aing loba kenéh jeung baranahan,” pokna. Barang keur kitu, burudul téh beurit baradag. Ucing Garong di tingker. Kumisna dumadakan lémpés.” Ke, ke, ari silaing beurit nanahaon, bet baradag kieu asa teu wawuh.” Hé, Garong, tong api-api teu engeuh siah, apan aing kadieu, kabawa ku balad sia, anu sarakah.” Beurit anu pang badagna nyelengkeung. Ucing Garong melengek. Bari ngimpleng. Ana bréh téh, Mobil konténer ngabaragug. Rupaning runtah; Bubuk beusi, kaléng, kondom jeung papakéan meni ngahunyud. “Sapuluh rébuan.., sapuluh rébuan, mangga kantun milih, teu kedah hariwang ku aid, tos kenging ngabersiahan.”* Yuharno Uyuh - kisuta.com


