Sastra & Humor
Fikmin
Lulurung Nu Mabra
Rabu, 5 Juni 2013
SUBUH masih nyésakeun poékna. Hiur angin siga nu muih lalaunan lebahing tempat nu seungit kacida. Nyelecep. Panon dipeureumkeun. Lalaunan ngagerendengkeun kasono nu teu pernah aya tungtungna. "Ieu abdi, Jungjunan." seungit muih nuturkeun hiur angin.
"Manglaksa wengi nu kalangkung. Aya nu nyeuit palih kiwaeun dada, Jungjunan. Ayeuna bet gentos ku cisoca."
Suku ngaléngkah lalaunan. Dina lulurung nu gumulubur caangna.
Nepi ka tungtung lebah dituna. Rét ka kénca, rét ka katuhu. Loba cimata nu sarua. Ngeclak ka handap. Dieusi ku carita kakangen nu teuing kudu kumaha ngagambarkeunnana.
Nepi ka luar. Siga aya nu leungit tina rasa. Tuluy malik. Neuteup ka luhur. Aya kubah pulas héjo.
Cimata nuluykeun deui caritana.* Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


