Titis Tulis
BASISIR Parangtritis. Wanci janari. Sorangan. Siduru hareupeun ténda. Nyawang bulan parahu. Kalangkangna ngangkleung na beungeut cai. Sora lambak. Atra. Jumegur jeroning simpéna haté. "Geus titis tulis. Urang mo kungsi
ngahiji. Poma, ulah rék nganti atawa nyungsi." Ceuk anjeun. Harita. Basa milang keclak cimata. Sanggeus sapeupeuting silih udag hégak. "Cuang nyungsi takdir séwang-séwang wé." Anjeun. Lunta. Ninggalkeun nu hareugeueun. Sorangan. Siduru hareupeun saung. Nyawang bulan parahu luhureun talaga. Waktu ngagayuh ka subuh. Taya tanda-tanda pitunduheun. Botol-botol kosong patulayah. Cetar! Sada cameti. Sada hiyem jeung talapok kuda. Awor dina séahna jaladri. Mingkin jéntré. Rét ka kalér. Aya nu ngabelesur tanding jamparing. Kikisik rabeng kagiridig. Mingkin deukeut. Mingkin deukeut. Reg. Hareupeun. "Nyai...?" Nu dipisono. Ngabedega dina karéta. Imut leleb. Lir nu ngahiap. Kalacat. Treup. Paadu teuteup. Teuteup nu ngemu birahi. Silih ranggeum. Silih rangkul. Silih galéntor. "Kongkorongoooooookk..." Gurinjal. Anjeun ngudar rangkulan. Laju nyuntrungkeun. Cetar! Biur. Karéta ngabelesur. Meulah jaladri. Kebat ka tengah sagara.* Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


