Romansa Subuh
ANGIN subuh humuliwir. Matak suda nyaring. Ngajak ngaréngkol. Rérés solat, teu diengkékeun deui. Golédag bari metot simbut. “Ulah waka ka pawon, nyalsé wé da Juma’ah ieuh,” haréwosna bari nangkeup. Dijawab ukur ku unggeuk.
Laju nyulusup ‘na tangkeupanana. Hawa satukangeun simbut karasa beuki haneut. Panas. Nyaksrak. Saterusna nyorang lalakon nu arang karandapan. Teuing subuh bulan mana, kungsi ngalaman siga kieu. Kapopohokeun. Taya ‘na catetanana.
Subuh nu gumulung jeung kabagjaan. Ngalempréh lungsé sanggeus nyorang tanjakan birahi. Tangkeupanana teu lésot. “Kringgg…kringg,” sora hénpon. Teu dipaliré. Hénpon terus-terusan disada. Matak ngaganggu. Antukna, éléh géléng. Ngoléséd tina tangkeupanana. Ngajéwang hénpon. “Assalamu’alaikum. Geura gugah …Nung!” Sora nu geus biasa sok ngahudangkeun saban subuh.* Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu - kisuta.com


