Ngalalana di Puseur Dayeuh
PUSEUR dayeuh. Wanci manceran. Matapoé keur meumeujeuhna buringas. Nyongkab. Poé katilu, leumpang nutur-nutur indung suku. Lunta ti lembur, seja néangan kasab, bari ngajauhan manéhna, nu geus ngajejek harga diri. Bet kumalangkang waé
kajadian peuting harita. "Ngaca atuh...!" Manéhna tipopolotot, dibarung cumiduh. Beungeut tangka lamokot. Sumbi..., Sumbi, aya ku teungteuingeun manéh téh! Awas siah! Hiji waktu mah, manéh nu kudu taluk, deku 'na suku kuring.
Teu babari geuning meunang pagawéan téh, sok komo ukur ijasah SMA. Teuing geus sabaraha hiji pausahaan nu nolak. Euweuh lowongan, basana téh. Leumpang rumanggieung. Awak leuseuh. Lapar jeung haus nu nataku. Bekel geus korédas.
Ngalungsar, hareupeun gedong. Bank Sunda. Ujug-ujug kaingetan. Enya, apan kungsi sakali-kalina nyetoran, basa pihak bank keur saba sakola. Apan ieu kartu ATM-na ogé didompétan! Sup, ka rohangan ATM. Kartu diasupkeun. Seleweg, kartu diteureuy mesin. Kutrak-kutrek mencét nomer PIN, laju kana tombol 100.000. Bréh, 'na monitor. "Punten, saldo salira kantun panineungan."* Erwin Wahyudi - kisuta.com


