Mikacinta Jalma Nu Dolim Ka Urang
MASIH napel dina haté kasauran mama ajengan. "Insan kudu micinta insan séjénna! Kakeuheul dina haté kudu dipiceun. Ambek disinglar. Cuwud-cawad jauhan. Iman kandelan. Naon waé nu goréng dina haté kudu dileungitkeun. Teu meunang syirik. Allah bakal mikanyaah ka urang," kitu saur anjeunna.
Jorojoy aya niat hayang insap. Arék bageur. Lamun aya nu ngajak paséa, rék diantep. Moal saruana. Arék ngaléos wé.
Nyata éndahna hirup bener téh. Unggal jalma jadi saroméah.
Dulur nambahan. Omongan kajaga. Lamun aya kasusah teu hésé ménta tulung. Islami pisan hirup téh. Meujeuhna mun uing disebut ustad ku batur.
Ka masjid rajin sholat berjama'ah, diondang ceramah mindeng. Amplop nu eusina duit remen narima.
"Ustad, kabogoh salira salingkuh," aya nu ngabéjaan. Réang nu ngagosip yén sakadang bébéné salingkuh. Awak ngagidir. Nahan amarah. "Gobloooog, dipodaran siah duanana ku aing!" teu nyadar kuring nyorowok dina panggung waktu keur ceramah.* Irman Dimyatie - kisuta.com


