Teu Salawasna Duit Kawasa
AYA SMS, nomerna teu wawuh. “Cageur euy? Uing Bény, engké peuting ka imah maneh.” Ngajenghok, heubeul teu manggih euy, uing jeung manéh. Ras, jaman SMA. Bény anak jelema beunghar, kungsi ngéléhkeun kuring parebut
Riny, béjana geus jadi gegedén. ”Émut atuh, mangga diantos di rorompok.” Pamajikan bébérés, rék aya sémah gegedén. Bada Isa, manéhna datang. “Ieu pun bojo Bén, nepangkeun,” cekéng. Sorot panonna siga rék ngerekeb pamajikan. “Geulis euy pamajikan manéh,” pokna bari lujag-léjég. Pamajikan mureleng, kuring ngiceupan. “Kieu ieu téh, budak uing anu cikal hayang asup ka SMA tempat manéh ngajar, yeuh sapuluh juta, uing nampa bérés wé.” Teu ditampanan. “NEM-na sabaraha? Standar sakola 38.” Manéhna seuri, “Tong nanya NEM, apan ieu sapuluh juta! Apal uing ogé gajih guru sabaraha…” Pamajikan némbalan, “Punten Pa Bény, pun lanceuk sareng abdi moal nampi duit haram, sawios sangsara di dunya, tapi senang di ahérat. Mangga geura mulih!” Bény olohok, ngajéngkat, terus balik.* Iwan Hanjuang - kisuta.com


