Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Tukang Combro

Sabtu, 8 Juni 2013

ASA teu percaya uing mah, nyaan. Tapi da sidik pisan. Teu nginjeum ceuli, teu nginjeum panon. Katempo jeung kadéngé ku uing sorangan. Kang Udin nu sok dagang combro ka lembur téh gening titisan para Déwa. Buktina, basa dititah ku Ceu Imas, lanceuk uing, sina jadi kuda ogé. Ukur sakiceupan, Kang Udin téh langsung robah jinis, ngajanggélék jadi kuda bodas. Siga kudana Pangéran Diponegoro. Tuluy basa dititah sina jadi lalay badot, éh da teu kungsi nungguan lila, samenit gé ti harita, Kang Udin langsung salin rupa deui jadi lalay badot, gugulantungan na dahan jambu aér hareupeun imah uing. Beu, asa waas, enya, mun téa mah Kang Udin tulus jadi lanceuk uing. Ceu Imasna daék dikawin ku Kang Udin. Meureun uing sakulawarga téh bisa piknik ka bulan. Ka ditu, ka lemburna Kang Udin. Ah, hanjakalna wé, Ceu Imasna siga nu embungeun. Teuing kunaon. Bogoheun kénéh ka urut salakina meureun.* Jordan Kurniawan - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya