Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Niis

Sabtu, 8 Juni 2013

HOYONG nyingkur ka Calingcing. Niis, ngeukeupan jempling. Nyalira, da bongan bulan tos paturay sareng maduna. Hoyong sidéngdang na batu, di babantar Situ Cileunca. Milari kalangkang salira dina genyas caina. Capé geuningan, ngantétkeun harepan dina unggal rénghap ambekan. Ngaroncé jangji nu teu waé ngabukti. “Cinta urang cinta mérdika!” Haréwos salira. Sumuhun, mérdika ngabagi-bagi rasa. Dugi ka asih urang ilang tangtungan, teu hulu teu buntut. Ayang-ayangan teu puguh cecepengan. Hoyong niis di Citéré, bari ngalenyepan simpé. Da bongan salira parantos lami jempé.* Tiktik Rusyani - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya