Imut Lampung
TILU poé rapat dines, asa ngan sakolépat. Acara pang ditanggoanna téh; kopibrik. Ngopi jeung udud, matuh di lebah dinya. Deungdeuleueun, jeung dédéngéeun kunu nawaran kopi bari imut Lampung, has jasa. Barang panutupan, acara kopi brik leungit.
Aya kuciwa dina rasa. Lunga-lengo ka méja snék, suwung jeung wadah-wadahna.
Keur sési dipoto bareng, nu marotoan pagegelek. Bruy-bray. Pajeulit nu nitah seuri jeung nu ngitung. Kula terus nyéréngéh, hayang kasép. Gedebeg, aya nu nawaran kopi, nyekel kaméra, nyéréngéh ilu moto. Jeprét. Les.
Peuting éta gulinggasahan, can hayang balik. Panasaran kanu nawaran kopi.
Subuh, panon béngras kénéh. Pangangguran, nelepon ka FO, mesen kopi. Bray panto dibuka, gedebeg, nu diimpleng aya hareupeun. Imut "kopina pa!" Melengek. Gabrug dirangkul, rada teu sopan, bakat ku sono. Baé ah subuh ieuh. Teu ngalawan, kalah males. Haneut. Digaléntoran, ditindihan, diuyup, disuruput. Amis, manis, leuuwih ti kopina. Teu kebel, ukur sababaraha itungan ramo, amit kaluar, imut kanjut.
Isukna urut kopi jeung cangkirna euweuh. Laju ngaca. Naha tapak lipenna ogé euweuh? Pan ngahaja teu disusut.
Rék cék out, di FO haliwu, loba pulisi. "Aya pelayan hotél ninggal pa". Neuleu potona, jadi ngahuleng kebel jasa.
Ngahuleng tepi ka Bakohuni. Ngagedebeg, dina kapal ditawaran kopi.* Rohendi Pandeglang - kisuta.com


