Pérépét Jéngkol Jajahéan
BITIS ngahaja dikatukangkeun. Dibeulitkeun jeung bitis babaturan lianna. Opatan-opatan. Patukang-tukang. Disaimbangkeun. Tuluy keprok bari ajrag-ajragan. Ngawih. “Pérépét jéngkol jajahéan, kajepit kohkol jéjérétéan!” Bari éngklé, awak muter. Ngadu kuat. Palila-lila jeung
golongan séjén, nepi kalésotna beulitan bitis. Lalakon mangsa keur bolon jeung anjeun. Nineung!
Babarengan ti bubudak, layeut ti lelembut ngaligarkeun binih asih, nu kiwari geus nyaliara dina manah. Mangkak ligar. Ngarandakah. Urang pasini najan teu kedal. Ngajadi rerencepan. Haneut-haneut jahé. Sono nu nyoso ukur dirérémokeun na implengan. Basa urang sapuk ngutamakeun heula ngudag cita-cita séwang-séwangan.
Naunan pisah. Teu kahaja tepang. Basa kuring ditugaskeun nyerek deleg pejabat nu sedep nyaté daging atah di motél sisi basisir. Wewengkon pangulinan baheula nu sering dipaké pérépét jéngkol. Jeung anjeun. Matak apal pisan basa misahkeun nu gencét harita. Daging pingping mulus nu ngajepit jeung sapasang bitis jaksi sajantung nu pabeulit, milik anjeun. Sanajan meungpeunan beungeut nalika di-BAP ngeunaan waragad pangbibirana pikeun sakali pérépét jéngkol.* Mulyana SA - kisuta.com


