Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Surat ti Bangsat

Minggu, 9 Juni 2013

IEU serat mugia katampi ka payuneun Salira. To the point wé lah, perkawis artos nu saratus juta nu disimpen dina lomari sareng motor Vixion mah teu kenging dipilarian deui. Masing laporan ka pulisi gé angger moal kapendak. Tos wé ridhokeun. Apanan Salira mah gajihna gé ageung ieuh. Saur wartos, gajih Salira mah langkung ageung ti batan gajih Walikota sareng Anggota DPR. Ku kituna, ieu mah étang-étang kameumeut ti sim kuring kanggé Salira. Tambih teuing sedih katalangsara. Laptopna mah teu cios dibantun. Sanés kunanaon. Hiji, laptop mah tos teu lével. Kadua, karunya wé, bilih Salira badé mostingkeun fikmin. Teu kedah tebih-tebih angkat ka warnét. Ngan omat wé panginten, pami kajantenan ieu badé dijantenkeun fikmin. Sim kuring mah teu kénging kacacandak. Pami badé namina disalénggorkeun. Sakitu panginten nu kapihatur. Hapunteun sateuacanna. Wassalam, Pun Bangsat. NB: Hilap deui, bilih Salira melang ka si Ibu, Pilari wé na lomari.* Jordan Kurniawan - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya