Nu Mupus Lalakon
DANGDAN sateker kebek. Ngahaja rék nyieun kejutan. Geus paheut. Sono ku imutna, nineung ku ogona. Heuheu! Sok méré tanda dina beuheung. Lawas teu panggih. Srog. Jep. Cakueum. “Nan, ari manéh geus lolong?! Emas mah biasana
ogé ngahijina jeung inten!” Beledag! Nongtoréng. Caritaan bapana ngaraha dina angen. Peurih, peurahan. Katambah basa hiji lalaki ngagigiwing konci mobil, méh diantelkeun kana beungeut. Dumadakan angen seueul. Sirah ngagolak. Imut manéhna jadi peuheur. Sorot panonna badis méong. Beu! Geuning, mupus lalakon! Harianeun. Pleng. Les. Nahun. Nguliat hojah. Ceuk béja, cenah, manéhna aya dina sarigsig liwung. Lumengis kaduhung. Kadongdora! Bapa manéh jeung salaki manéh kacingcirihi. Jaradi ajag. Basa macakeun putusan. Teup, paadu teuteup. Manéhna ngajenghok. Rey! Ketok palu. Ngarénjag. Semu hayang dibéré sihpiwelas. Panonna ceuleuyeu. Beueus. Karasa! Bubaran kantor, muru mobil nu parkir. Kabireungeuh aya nu besuk keur diuk ngaheruk. Bari ngais budak. Basa mobil ngageuleuyeung. Manéhna cengkat. Neuteup. Meureudeuy.* Yuharno Uyuh - kisuta.com


